HIRUP

HIRUP
mulih ka jati, mulang ka asal

Sabtu, 21 Juli 2012

"NAON ESENSI BAGJA ?
“Bagja téh nyaéta: santosa jeung marahmay, kuat ingetanana, wijaksana akal, tenang tur sabar dina ngajugjug naon anu dicita-citakeun”(Yahya bin Khalid Albarmaky,)"


"When wealth is lost, nothing is lost, When health is lost, something is lost. But...., when character is lost, everything is lost.. (health and knowledge is power, but character is more)"


"Man ‘arofa nafsahu faqad ‘arofa robbahu
Sing saha anu geus nyaho ka dirina sorangan geus tangtu nyaho ka Allah SWT
.
Wa man ‘arofa robbahu faqad jahilan nafsahu
Jeung saha-saha anu geus nyaho ka Allah SWT, tangtu dirina bakal ngarasa bodo, lantaran geus kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu di daya upayakeun ku Allah SWT"


"
KADUHUNG TARA TI HEULA
( Bian Jan 2012)


Mun seug,
Poe ieu kuring perlaya
Saawak-awak diruang ku taneuh
Singkup jeung Pacul balakecrakan bari ditincakan
Sakabeh ngalengkah naringgalkeun diri

Mun seug,
Pakaya, kawasa teu aya gunana
Kameumeut, bebene moal oge salse
Batur jeung dulur ukur cukup belengur
Lumaku diri nangtukeun jati diri

Mun seug,
Geus nyorangan dialam kubur
Hawar sora lengkah pamungkas masih keneh ngagema
Nyorangan jeung poek mongkleng
Nungguan anu rek nimbang

Nun GUSTI,
Pasihan abdi takdir hirup sakali deui ngajadi
Pasihan abdi kasempetan ngomean maneh
Pasihan abdi rek ngaraksa pakaya jadi walatra
Pasihan abdi waktos sumujud ka indung bapa
Pasihan abdi waktos kasadaya menta hampura
"


"
Pesan Rasulullah saw :
Tiga tanda kesempurnaan iman :
1. Saat marah : perkataannya tidak keluar dari kebenaran...
2. Saat senang : gembira tanpa terjerumus kemaksiatan dan pemborosan
3. Saat bisa membalas ..dia justru memaafkan
Tiga amalan yang pahalanya diberikan di dunia dan akhirat :
1. Hormat dan Berbakti pada orang tua...
2. Membela dan menyayangi fakir miskin..
3. Mencintai, menghargai dan berterimakasih kepada istri ...
Allahumma sholi ala sayyidina Muhammad..
Wa ala aliy sayyidina Muhammad ..
"


HIRUP tinu boga HIRUP



Ku-kasadaran, manusa bakal nepi kanu hakekat “diri” sarta kabukana yen aya anu HAKIKI.
Nalaah mimiti tina kasadaran fisik nepi kasadaran transcendental dimana sajatina manusa nyaeta lain fisik. Kasadaran bisa dimimitian tinu sederhana.
Orok (jabang bayi) anu mimti lahir ku proses anu alami. Lahir lain menang kahayang jeung pamenta manehna, manehna teu ngarti keur naon dilahirkeun, teu mawa nanaon, di tataranjang jeung can boga kaera. Terus kaayaan sabudereuna mere kasadaran lalaunan  satahap- satahap. Mimiti dibere ngaran, boga ciri (identitas) awewe atawa lalaki. Diajarkeun ngaran-ngaran anggota awak, ieu lengen, ieu suku, ieu sirah, jst… batas kasadaran anu kacida heureutna.
Kasadaran ieu ngabeungkeut sabatas naon anu ditarima (dikanyahokeun), nepikeun “diri” kaborgol jeung kalungli-lungli kusabab teu ngarti jeung teu nyaho, saha sabenerna diri ieu teh.
Awak/badan nyaeta anu ngiket dina jiwa manusa. Lamun manusa ngalakukeun sikep anu ngiket jeung alam/dunya sakulilingna, Jiwa-na bakal kakurung jeung kabebasana (kasadaranna) kaborgol. Kusabab kitu manusa dina kahirupana kudu ngalepas bengkeut/borgol ti alam/dunya sakulilingna. Maksduna manusa kudu mulai sadar katerbatasan/kamampuan dirina anu salila ieu dijurumuskeun ku pengetahuan/kanyaho anu geus matri dina pikiran, yen diri teh lain sabatas lengen, suku, sirah, sarta anggota badan sejena anu katingali.
kasadaran model kieu kudu dilakukeun kulatihan jeung kanyaho sacara imanen transendental (pangalaman langsung).
Naon hakekat ieu awak…?
Saeutik ngamisilkeun bayangan kasadaran ngenaan diri sugan jeung sugan aya gambaran.….
Diibaratkeun kaayaan ieu teh siga kaayaan caangna dihiji kota, anu ngalir ti pusat listrikna. Babandingan ieu jadi lewih nanceb jeung seukeut lamun disadari ku elmu yen naon anu aya dina kahirupan sapopoe ditingali (sadari) yen bentuk awak manusa teh sabatas tina garis anu nyata. Jadi kanyataan ieu anu “nipu” manusa ku kanyahona. Angseuna napas anu asup kanu awak, terus sakaligus ngaluarkeun zat residu asam arang, padahal lewih anu aya dina sangkaana/anu dibayangkeunna, manusa… erek logam, emas, beusi, waja, tutuwuhan, gunung, bumi katut alam samesta kabeh oge sabenerna rentetan tina kajadian-kajadian atawa proses. Dimana sagala alam lahir/aya kasusun ku sanyawa-sanyawa kimia anu disebut atom.
Tina akhir analisa anu arana atom-atom ieu nyaeta hiji unit tanaga listrik, anu energi positip (proton) jumlahna sabanding jeung energi nehatipna (electron). Dijero atom ieu terus-terusan satiap detik luncat jeung ngalakukeun pancaran. Panceran anu euweuh eureuna tina daya listrik. Ku gancangna anu kacida, ngajadikeun eta panceran anu teu pernah eureun, manusa teu mampu ningali ku mata buncelik, kacuali ku kasadaran “elmu” anu cukup.
Kunu teu “awas” ningali gunung jiga anu kuat/kokoh nangtung ditempatna, padahal manehna ngageser jiga awan anu katiup ku angin. Jadi lamun benda-benda katut manusa anu ngajadi tina esensi alam ngarupakeun kumpulan anu gede ku ayana “renteten kajadian” tina panceran listrik. Didieu moal kasampeur/kasebut deui naon-naon anu padet atawa baku (tetap). Bahan anu ngajadi tina bentuk alam jeung manusa geus lain benda atawa zat-zat, tapi “aksi” yaeta rentetan aliran tina kajadian-kajadian. Teu heran lamun tina bahan-bahan anu labil ieu kabentuk alam anu sok barobah, ngawujud tina bentuk ka bentuk kuhiji proses.
Nepi didieu kasadaran manusa asup kana tahap anu rada abstrak, dimana “titingalian” manusa saolah-olah  lengit tina bentuk awak/badan anu salila ieu disadari. Jelas kasadaran ieu ngabingungkeun kasadaran anu salila ieu geus matri.
Tapi urang geus nyoba ngahudangkeun kasadaran anu leuwih luas, nyaeta kasadaran dimana awak/badan lain jiga angkeuhan anu salila ieu. Awak nyaeta susunan tina inti materi anu satiap saat robah jeung ganti. heuleutna kasadaran yen awak teh lain lengen, suku, sirah, jsb, Tapi geus robah ngaluas jadi kasadaran universal, nyaeta kasadaran anu euweuh watesna (tanpa batas). Dina tingkat kasadaran ieu memang rada ngabingungkeun, mana wujud manusa anu sabenerna. Sabab geus ditulusur beki rinci, yen awak anu tadina dina “sadar” teh miboga ciri awewe atawa lalaki anu boga rupa kasep jeung geulis, saeutik-saeutik kahapus ku kasadaran anu lewih luas, nyaeta kasadaran jagat raya atawa disebut makrokosmos. Yen wujud /awak ieu teu sasempit baheula. KURING lain ukur lengen, suku, sirah, jeung anggota badan sejena hungkul. Tapi awak teh angin anu hirup, atom-atom anu ngalayang silih ganti jeung benda anu sejena, awak teh kumpulan tina atom-atom anu pada ngiket, ngiket jeung tutuwuhan, sato, bumi, oge jeung jagat anu maha lega. Sangges nyaho/apal esensi ieu awak. Nyaeta kasadaran anu HAKIKI anu ngagerakkeun jeung ngatur alam samesta.
Lamun zat-zat (atom-atom) awak manusa jeung benda-benda dijero alam geus kapaham mangrupakeun rentetan kajadian-kajadian, sarta manurut kahayang hakiki, jadi atom-atom hirup lain kahayang sorangan, tapi aya “sosok” anu lain salain dirina. Dimana manehna hirup nurutkeun kakuatan anu maha gede (dahsyat).
Anu laleutik (atom-atom) patuh ka anu teu bisa disasamakeun jeung naon oge.  Nyatana wujud anu absolute. Benda-benda (atom-atom) eta paeh, Tapi bisa gerak jeung dihirupkeun ku hiji kakuatan anu maha gede. Nyaeta metakosmos anu boha hirup, anu gagah, anu ngalimpudan sagala benda.
Lamun manusa geus turut jeung taat kanu boga hirup ngaluruskeun awak jeung jiwa-na, pasrah kana katangtuan. Ieu awak bakal taat saperti taatna alam samesta tanpa make rekayasa, hirup saperti hirupna ieu alam, sarta hirupna bakal rapih (teratur) nincak dina aturan sakumaha matahari jeung planet-planet anu teu tabrakan.
Kitu oge minurut pikiran anu logis, yen ayana diri (mikrokosmos) jeung alam samesta (makrokosmos) geus ngajak kasadaran pikeun nepi kana pembuktian ayana anu maha gaib (metakosmos).
Anu disadari lain fisik jeung anu sadar oge lain fisik. Kasadaran teu make perantara alat, tapi langsung. Kusabab kitu palaku/subjek anu sadar eta jelas lain fisik jeung lain fungsi fisik, tapi hiji substansi anu beda jeung fisik nyatana HIRUP tinu boga HIRUP.

BASMALLAH
"
Bismilllahirrohmanirrohiim; mangga urang lenyepan ieu nu biasa ku urangdiucapkeun “Alhamdu-lillaahi rabbil`aalamiin” Sadaya puji kanggo/kagungan Allah Pangeran Nu Murbeng Alam Aya tilu rupi nu kaunggel dina ayat ieu nu peryogi di guar sareng di lenyepan nya eta:
1. Gusti Alloh SWT. Alam katut sugri nu aya di satangkaraking jagat pasti aya nu nyieunna, kusaha di jieunna? Lamun ku urang dicukcruk ka puhuna bakal kapanggih kaayaan nu sarwa tunggal teh dadamelan Al-khaliq, gusti Alloh Nu Maha Kawasa, Pangeran Nu Maha Esa/ hiji.

2. ALAM, aya opat nya eta:
o Alam Arwah, lir ibarat alam proyeksi. Nurutkeun panenjo panon bathin mah eta wujud the geus aya, tapi ieu kakarek wujud ghaibah teu acan dugi kana wujud syahadah. Wujud ghaibah sagala mahluk nu bakal lahir ka alam syahadah geus aya di alam arwah.

o Alam Dunya, alam nyata atawa alam syahadah. Alam ieu the alam amal, salila urang ngumbara di alam dunya, urang kudu temen wekel ngumpulkeun pibekelan hirup di alam kalangengan nu tan wande bakal kasorang. Nu hirupna ngaberung ngalajur napsu, ngijing sila bengkok sembah ka Nu Maha Kawasa, cadanganana adzab naraka nu beurat jeung nyeri taya papadana. Sing saha nu sumujud ka Mantenna, bener-bener iman tur ngamalkeun amal soleh, taya cacah taya menak, taya benghar taya sangsara, pasti sinelir jadi kadeuheus-Na, dipaparin kani`matan di taman kalangenan nu langgeng taya tungtungna.
Kitu mungguh kaadilan Nu Maha Adil, pantrang nanggeuy ti bongkokna, beda jeung kaadilan manusa di alam dunya; bangsat gerot nu ngagarogot padaringan ngeunah-ngeunah medah meduh, lain bae aman teu digunasika malah pada ngadama-dama.

o Alam Barzah. Alam kubur, alam tutunggon nepi ka dihudangkeun di yaumat-ba`ats

o Alam Aherat. Alam kalanggengan. Alam ieu lain alam usaha ngadu tanaga tapi alam mipit hasil pepelakan di alam dunya.

3. PUJI Teu aya nu luhung elmuna iwal ti Gusti Alloh SWT. Mantenna nu kagungan hak dipuji.

Alhamdulillaahi rabbil`aalamiin. Mantenna teu meryogikeun nu mantuan kanggo nyiptakeun ciptaana, cekap ku ngadawuh kun fayakun -Ayat Suci Lenyepaneun-
"

IEU AKANG
"
Ieu akang ...........
keur ngitung baranangna bentang,
peuting ieu karasa kakeureut hate.
numplekkeun kanyaah, kadeudeuh jeung kaasih
Ngahiji jeung beuratna hariwang
iraha bagja bisa kasorang

Ieu akang ...........
Kudu kumaha mimiti nyarita
kudu kasaha niisskeun tunggara
Didieu, kiwari ngan ukur sasaur
samemeh janari mapag gulidagna hate,
meungpeung panonpoe can reureuh nyaangan dunya,
moal rek bosen andiprek nynyuhun do'a

Ieu akang ...........
dina impenan anjeun ngajirim
gugupay nagih jangji pasini
hampura jeung hampura lantaran jauh paanggang
nu teu bisa mapagkeun lalangse hate.
"

AKHLAK
"Kejahatan yang dibalas dengan kejahatan pula adalah sebuah akhlaq ular, dan kalau kebajikan dibalas dengan kejahatan itulah akhlaq buaya, lalu bila kebajikan dibalas dengan kebajkan adalah akhlaq anjing, tetapi kalau kejahatan dibalas dengan kebajikan itulah akhlaq manusia.(Nasirin)"

"Orang yang suka berkata jujur akan mendapatkan 3 hal, yaitu : KEPERCAYAN, CINTA dan RASA HORMAT (Sayidina Ali bin Abi Thalib)"

CINTA
"Cinta nu saenyana, dumasar kana rasa jeung akal nu waras
Sing surti yen, poekna hate ngaleuleuwih poekna peuting
Sing yakin, caangna hate leuwih caang batan panon poe
Sing waspada, yen sombong nu kaluar tina hate leuwih lembut batan hawa
Sing kuat, perang ngalawan napsu leuwih hebat, batan perang sejenna
Cag ah pikiran, mun urang ngalajur napsu, moal rek nepi kana tungtungna"

WAKTU
"
Ambillah waktu untuk berfikir, itu adalah sumber kekuatan.
Ambillah waktu untuk bermain, itu adalah rahasia dari masa muda yang abadi.
Ambillah waktu untuk berdoa, itu adalah sumber ketenangan.
Ambillah waktu untuk belajar, itu adalah sumber kebijaksanaan.
Ambillah waktu untuk mencintai/dicintai, itu adalah hak istimewa dari Tuhan.
Ambillah waktu untuk bersahabat, itu adalah jalan menuju kebahagiaan.
Ambillah waktu untuk tertawa, itu adalah musik yang menggetarkan hati.
Ambillah waktu untuk memberi, itu adalah membuat hidup terasa berarti.
Ambillah waktu untuk bekerja, itu adalah nilai keberhasilan.
Ambillah waktu untuk beramal, itu adalah kunci menuju syurga.
"

PERINTAH
"“Peringatan Rasulullah: “Bukan termasuk golonganku orang-orang yang merasa khawatir akan terkungkung hidupnya karena menikah kemudian ia tidak menikah.” (HR. Thabrani). ”

Rasululloh juga berpesan: “Wahai Ali, ada TIGA PERKARA JANGAN DITUNDA-TUNDA, apabila SHOLAT TELAH TIBA WAKTUNYA, JENAZAH APABILA TELAH SIAP PENGUBURANNYA, dan PEREMPUAN APABILA TELAH DATANG LAKI-LAKI YANG SEPADAN MEMINANGNYA.” (HR Ahmad) ”"

"BEBEKELAN KAHAREUP
Akherat muasal urang wajib dikanyahokeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna, urang kudu ikhtiar ; ditiung memeh hujan turta wani nganjang ka pageto, ngarti paeh samemeh paeh "Antal mautu qoblal mautu" lantaran lamun teu nganyahokeun paeh heula sajero hirup, moal nyasab di Akherat"

"samangsa-mangsa jalma nu make keneh kalakuan sirik pidik,jail kaniaya ka sasama makhluk ciri-ciri eta jalma tacan ngarasa deukeutna jeung Rasulullah SAW"

Tidak ada komentar: