HIRUP

HIRUP
mulih ka jati, mulang ka asal

Sabtu, 21 Juli 2012

 Ikhlas jeung tawakal..
"
Perang rongkah Bharatayuda..
geuning teu sabaraha..
Perang Badar nu kacarita..
Eta lain perang nu saenyana..

Sing emut dulur..
Perang nu enya mah nyatana ayeuna..
Nu kaunggel geuning dina hadist..
Perang nu taya wates wangena
nyaeta perang jeung napsu angkara..

Ngalayanana ulah aral jeung subaha..
Ula ukur napsu anu digugulung..
Dunya anu di udag- udag.
Raga anu katempuhan..

Sanghareupan ku sabar Ikhlas jeung tawakal..
Hirup tumarima kana kanyataan..
Samangsa urang lumampah..
Lumaku kanu dituju..




SAMAR POLAH


Sumerah bari ngalengkah..
Sumujud bari ku dina tahajud..
Dijejer ku ageman..
Ulah pegat pangharepan.





"
Indit ka tungtung WETAN
Tetelepa naon nu pang endah-endahna dina hirup
Jajawabanana nyebutkeun LAUT
Sim kuring ngan saukur cicing

Indit ka tungtung KULON
Tetelepa naon nu pang endah-endahna dina hirup
Jajawabanana nyebutkeun GUNUNG
Sim kuring ngan saukur cicing

Indit ka tungtung KALER
Tetelepa naon nu pang endah-endahna dina hirup
Jajawabanana nyebutkeun LANGIT
Sim kuring ngan saukur cicing

Indit ka tungtung KIDUL
Tetelepa naon nu pang endah-endahna dina hirup
Jajawabanana nyebutkeun EMAS
Sim kuring ngan saukur cicing

Cicingna sim kuring teu eureun ti olah pikir
Gerentes hate, kudu mere waleran nu hade tur bener...

"Yen Saenya-enyana Nu Pangendah-endahna, Taya Sanes Iwal ti "ANJEUNA"





SAMAGAHA


"
Suku gunung ngulamping ka biwir lamping
Ngaronjat mega nu ngarandakah
kasieup layung nu mapag poekna peuting
nu ngalangkang di buruan kandaga
pawinian pelak cinta, pelakna keclak cimata

Lebah bilik, aya nu gegerendengan
mulas rasa nu raheut kakeset hinis
ngaping diri nu ngijih hujan doraka
majar hirup teh ngan dipirig kacapi
ngahariring hawar-hawar ngagentra boeh jeung padung

Ti tas angin ngaranjah lodong kakeueung
nu nangtung teh ngadeukeutan neuteup enteung
kalangkangna ngajirim jadi calacah
ngeteyep mapay alketip, tuluy rubuh adug songkol
ngaleungit bareng jeung seungit malati
pipir langit lebah dapuran tetengger

Tukangeun curug nu dikurubun teh sasadu
hahampuraan ka batu nu nyangirah ngaler
cimatana nguyumbang metik cantigi
tuluy ngaharewos ka tiap hate nu nyaring
“Geura balik dulur, isuk aya samagaha !”
"





TARATE


"
Tarate ngaplak talaga
mupujuhkeun hate kuring
babakan simpay kanyaah
nalikung ramo jariji
rek ngaworkeun kaasih
kasieup ku pucuk ibun
sirungan di pajuaran
ngabageakeun pasini
deudeuh akang lain ngan satapak peucang.

Lengkah kedah sawirahma
nyungsi diri masing lantip
pan sagara rumah tangga
leber keukeumbing karisi
sanajan ceurik getih
anjeun moal janten gambuh
sarewu lambaran dunga
kanggo nyai nu solasih
ieu akang nyanggeman tresna salira.
"

Tidak ada komentar: