HIRUP

HIRUP
mulih ka jati, mulang ka asal

Kamis, 04 Juli 2013

Kedal Hate


Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.
Foto: Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat







Tahajud
Tengah peuting sedeng jemplang-jempling
awang-awang keur ilang dangiang
tiis lirih rehe combrek, makhluk nuju menekung
nyambat-nyambat Ilahi Robbi
Gusti Nu Murbeng Alam
sim abdi sumujud tur pinuh karumaosan
dosa abdi teu wasa ngawincik deui tina ageung-ageungna
Gusti abdi seja tobat.

Mugi kitu maksad abdi Gusti
da Gusti mah sifat Maha Welas
mugi dihapunten bae sareng abdi piunjuk
bade tumut pangersa Gusti
sumembah salamina, siang wengi sujud
mugi taufik hidayah, dilimpahkeun
ka abdi Gusti nu laip
hoyong husnul hotimah, Gusti ......mugi ngaiijabah.








Hirup ulah sok ngadoreksa
Di akhiat tinangtu disiksa

Hirup ulah sok hayang kasohor

Tinangtu didunya bakal tekor
Mun hayang meunang kamulyan
Ka Indung bapa kudu ngajenan

Mun hayang neang kasenang
Ngaraksa hirup kudu heman

Mun hayang hirup tarapti
Tinangtu kudu gumati







Ka sedih anu kamari,
tunggara anu mangkukna,
rek dipendem ameh balem,
disimpen sing rikip, ditunda, diecagkeun,
moal di teang, moal di inget,

                                  geus wayahna nyampeur kabagja, 
                                  geus wayahna ninggali kahareup,
       ajeg nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya,
    anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa

Panon poe geus moncorong, i
ndung beurang geus nyaangan,
gearkeun hate anu aleum,
heabkeun rasa anu tiis,
bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya,
mawa bagja keur urang sararea
Harepan nu panungtungan....
sariak layung panineungan......
mata poe geus rek tilem.....
dina sela cahya sumbirat.....
hurung muncar nyaangan jagat....
dina langit pangibaran.....
wanci tos disilih wengi siang jadi kaparan....
di papag liuhna cahaya bulan.....
najan saeutik..... geus mere tengtremna ati....
sarenghapan...jadi kahayang.... nutup wanci bari imut....
meredih asihna gusti..... mugi di bere kuasa....
ngaleupaskeun kecap panungtung....
Lailahailallah Muhammad Rosulullah....



Tidak ada komentar: