HIRUP

HIRUP
mulih ka jati, mulang ka asal

Kamis, 04 Juli 2013

Kedal Hate


Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.
Foto: Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat







Tahajud
Tengah peuting sedeng jemplang-jempling
awang-awang keur ilang dangiang
tiis lirih rehe combrek, makhluk nuju menekung
nyambat-nyambat Ilahi Robbi
Gusti Nu Murbeng Alam
sim abdi sumujud tur pinuh karumaosan
dosa abdi teu wasa ngawincik deui tina ageung-ageungna
Gusti abdi seja tobat.

Mugi kitu maksad abdi Gusti
da Gusti mah sifat Maha Welas
mugi dihapunten bae sareng abdi piunjuk
bade tumut pangersa Gusti
sumembah salamina, siang wengi sujud
mugi taufik hidayah, dilimpahkeun
ka abdi Gusti nu laip
hoyong husnul hotimah, Gusti ......mugi ngaiijabah.








Hirup ulah sok ngadoreksa
Di akhiat tinangtu disiksa

Hirup ulah sok hayang kasohor

Tinangtu didunya bakal tekor
Mun hayang meunang kamulyan
Ka Indung bapa kudu ngajenan

Mun hayang neang kasenang
Ngaraksa hirup kudu heman

Mun hayang hirup tarapti
Tinangtu kudu gumati







Ka sedih anu kamari,
tunggara anu mangkukna,
rek dipendem ameh balem,
disimpen sing rikip, ditunda, diecagkeun,
moal di teang, moal di inget,

                                  geus wayahna nyampeur kabagja, 
                                  geus wayahna ninggali kahareup,
       ajeg nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya,
    anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa

Panon poe geus moncorong, i
ndung beurang geus nyaangan,
gearkeun hate anu aleum,
heabkeun rasa anu tiis,
bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya,
mawa bagja keur urang sararea
Harepan nu panungtungan....
sariak layung panineungan......
mata poe geus rek tilem.....
dina sela cahya sumbirat.....
hurung muncar nyaangan jagat....
dina langit pangibaran.....
wanci tos disilih wengi siang jadi kaparan....
di papag liuhna cahaya bulan.....
najan saeutik..... geus mere tengtremna ati....
sarenghapan...jadi kahayang.... nutup wanci bari imut....
meredih asihna gusti..... mugi di bere kuasa....
ngaleupaskeun kecap panungtung....
Lailahailallah Muhammad Rosulullah....



Sunda Perceka





KUJANG SUNDA



Kujang jeung Sunda
1. Nu hayang nyaho perkara kujang, geus pinasti alatan hayang nyaho perkara Sunda.
2. Nu hayang nyaho perkara Sunda, geus pinasti bakal nalungtik banda Ki Sunda.
3. Banda Ki Sunda nu jadi pakta, engkena bakal “nyarita” mun tea mah dipikiran.
4. Bangsa deungeun apaleun pisan, yen pakakas geusan mikir, taya lian iwal ti basa.
5. Lamun hayang ngarti Sunda, cara mikirna kudu kawas Urang Sunda, ku basa Sunda.
6. Sing saha nu teu ngarti basa Sunda, geus pinasti moal ngarti saha atuh ari Ki Sunda.
7. Ngobrolkeun Sunda ka nu teu ngarti basa Sunda, ibaratna Si Kabayan ngala nangka.


POLITIK SUNDA
Yang harus jadi pedoman bagi para politisi sunda ada serentetan norma yang bisa dijadikan landasan bagi aktivitas politik.
• Silih asih, silih asah, dan silih asuh = warisan budaya Sunda dalam menata kehidupan supaya hidup damai, tentram, dan aman.
• Pamali tarung jeung dulur, pamali bengkah jeung dulur, pun merupakan ungkapan yang menata keakraban sosial antara saudara.
• cageur, bageur, pinter, singer, bener, teuneung, ludeung. = Ciri khusus bagi para politisi Sunda, akar budaya yang semestinya jadi acuan




RAJAH SUNDA
SACANGREUD TATALI HATE

1. Urang Sunda Pituin

” Kudu hade gogog hade tagog,urang sunda diharepkeun sajabaning ngabogaan rupa jeung awak anu tegep,pantes,oge ngabogaan budi jeung sikep nu hade.

Nyaur kudu diukur nyabda kudu di ungang,urang sunda kudu bisa ngandalikeun lisan,ngomong kudu aya maksud jeung tujuan nu bener,cumarita kudu diatur sangkan teu nganyerikeun batur.

Sacangreud pageuh sagolek pangkek,urang sunda kudu ngabogaan sikep nu tandes,konsisten,henteu jalir jangji. Pengkuh dina bebeneran.

Ulah lali ka Purwadaksina,urang sunda kudu tetep sederhana,teu meunang kaleuleuwihan dina enggoning ngalakonan kahirupan,kudu inget ka asal, asal jelema mah teu boga nanaon, euweuh nu kudu dipikareueus kabeh oge milik nu Maha Suci Allah nu Maha Kawasa.

2. Tali hate ka GUSTI nu di pusti

Mulih kajati mulang ka asal, urang sunda kudu inget yen jelema mah diciptakeun ku Gusti nu Maha Suci Allah SWT,oge bakal maot balik deui kanu bogana.

Nimu luang tina burang, urang sunda kudu yakin yen sagala kasusah tangtu aya hikmahna, nu kudu di teang hikmah tina sagala kajadian eta.

3. Tali hate jeung dulur

Kudu silih asih,silih asah jeung silih asuh, urang sunda kudu hirup rukun silih pikanyaah, silih simbeuh ku kadeudeuh.

Pondok jodo panjang baraya, urang sunda kudu boga kayakinan sanajan lain jodo tapi babarayaan/duduluran mah teu meunang pegat.

Ulah ngaliarkeun taleus nu ateul, urang sunda teu meunang nyebarkeun isu/berita, nu can tangtu bener, komo deui nu teu bener.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok, sanajan susah kudu tetep babarengan.

Nyuhunkeun bobot pangayun timbang taraju, kaadilan nyaeta milik sakabeh jelema, kitu oge urang sunda kudu miharep diperlakukeun adil, oge kudu ngabogaan rasa kaadilan ka sasama.

Lain palid ku cikiih,lain datang ku cileuncang, urang sunda mah lamun datang kahiji tempat kudu boga pamaksudan nu puguh, jadi unggal rek indit-inditan kamana wae, rek hadir dimana wae oge tinangtu boga tujuan.

Taraje nanggeuh dulang tinande, urang sunda mah lamun dibere pancen naon wae kudu ngajalankeun kawajiban anu bener.

4. Tatali hate jeung Alam

Manuk hiber kujangjangna, jalma hirup ku akalna, urang sunda ngabogaan kayakinan yen tiap-tiap mahluk boga carana sorangan dina ngajalankeun kahirupanna.

Jawadah tutung biritna, sacara-carana urang sunda kudu ngahargaan kana kabiasaan batur sanajan beda jeung urang sorangan.

5. Tatali hate jeung ngalakonan kahirupan didunya.

Ulah pagiri-giri, pagirang-girang tampian, urang sunda teu meunang parebut kakawasaan jeung jabatan.

Ulah ngukur baju sasereg awak, urang sunda teu meunang ningali masalah tina kapentingan pribadi.

Ulah nyaliksik ku buuk leutik, urang sunda teu meunang meres ka jelema leutik (rahayat).

Ulah kumeok memeh dipacok, urang sunda teu meunang mundur samemeh ihtiar.

Kudu bisa kabula kabale, urang sunda mah ka bisa hirup dimana wae, wawuh/gaul jeung saha wae (fleksibel).

Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, urang sunda mah kudu bisa usaha satekah polah (maksimal) keur nedunan pangabutuh”.



Tungtunan






















Moal aya hartina hirup di dunya
Lamun teu ngajenan ka Indung bapa

Moal aya hartina mun hirup ukur ngarasula
Lamun teu pasrah ka ALLAH Subhanahuwataalla

Moal aya hartina hirup ukur neangan banda
Lamun teu dibarengan ku taqwa ka NU KAWASA

Moal aya hartina ngudag karomah
Lamun teu daek nuturkeun Rasulullah

Moal aya hartina ngudag barokah
Lamun dina hate henteu pasrah





Jadi jalma bakal mulya
Mun ngayuga ka Indung bapa

Jadi jalma bakal barokah
Mun ngajalanan Sunnah Rasulullah

Jadi jalma bakal bagja
Mun netela ka NU KAWASA

Jadi jalma bakal pasrah
Mun ngajenan Qur’an jeung Sunnah

Jadi jalma bakal mangpaat
Mun rajin ngalaksana Sholat

Hirup ulah ukur ngalanjur napsu
Di naraka bakal ngalangsu

Hirup ulah sok ngadoreksa
Di akhiat tinangtu disiksa

Hirup ulah sok hayang kasohor
Tinangtu didunya bakal tekor

Tungtunan







Moal aya hartina hirup di dunya
Lamun teu ngajenan ka Indung bapa

Moal aya hartina mun hirup ukur ngarasula
Lamun teu pasrah ka ALLAH Subhanahuwataalla

Moal aya hartina hirup ukur neangan banda
Lamun teu dibarengan ku taqwa ka NU KAWASA

Moal aya hartina ngudag karomah
Lamun teu daek nuturkeun Rasulullah

Moal aya hartina ngudag barokah
Lamun dina hate henteu pasrah