HIRUP

HIRUP
mulih ka jati, mulang ka asal

Kamis, 15 November 2012

Papancen ti Kolot Urang





Papancen ti Kolot Urang

Asmarandana Eling eling mangka eling Rumingkang di bumi alam Darma wawayangan bae Raga taya pangawasa Mun kasasar nya lampah Napsu nu matak kaduhung Badan anu katempuhan Balakbak Aya warung sisi jalan rame pisan, Citameng Awewena luas luis geulis pisan, ngagoreng Lalakina lalakina leos kapipir nyo'o monyet, nyanggereng Dangdanggula He Barudak poma sing areling sing nyaah ka indung ka bapa Maraneh teh matak hese Komo nu jadi indung Kahesean kaliwat sakingti keur di kandungan Matak hese wungkul Mun dengdek kukulinciran Waktu maneh gubrag gumelar ka lahir Indung teh boa ajal. Durma Moal ngejat sanajan ukur satapak Geus di pasti ku jangji Mun tacan laksana numpes musuh sarakah Henteu niat seja balik najan palastra Mati di medan jurit. Gambuh Kutan kitu ari maung Simana kaliwat langkung jalmi jalmi warni warni Seueur anu ngoplok bujur Bawaning sieun di kokos. Gurisa Waktu barudak keur mijah Arulin semu barungah Ger hujan gede pohara Barudak breng lalumpatan Ngiuhan di bale desa Ngadago raatna hujan. Juru Demung Mungguh nu hirup di dunya Ku kersaning Anu Agung Ku kersaning Anu Agung Geus pinasti panggih Geus pinas tigeus pinasti panggih Jeung dua rupa perkara Senang paselang jeung bingung. Kinanti Budak leutik bisa ngapung, Babaku ngapungna peuting, Ngalayang kakalayangan, Neangan nu amis-amis, Sarupaning bungbuahan, Naon wae nu kapanggih. Ladrang Aya hiji rupa sato leutik, Engkang-engkang sok luluncatan di cai, Ari banguna rek sarupa jeung lancah. Lambang Urang kudu inget pisan Nya di ajar di sakola Masing geura geura bisa Sing inget ka indung bapa Maskumambang Hey barudak kudu mikir tileuleutik, maneh kahutangan, ka kolot ti barang lahir, nepi ka ayeuna pisan. Mijil Mesat ngapung putra sang Arimbi, Jeung mega geus awor, Beuki lila beuki luhur bae, Larak lirik ningali ka bumi, Milari kang rai, Pangeran Bimanyu. Pangkur Seja nyaba ngalalana Ngitung lembur ngajajal milangan korihenteu puguh anu dituju Balikan paman sadayanu timana tiluan semi nu rarusuh Lurah begal ngawalonan Aing ngaran Jayapati Pucun Utamana jalma kudu rea batur Keur silih tulungan Silih titipkeun nya diri Budi akal lantaran ti pada jalma Sinom Sinom nu jadi piwulang Piwulang ka murang kalih Anu eukeur sarakola Mambrih salamet nya diri Ingetkeun beurang peuting Tungkus dina jero kalbu Keur conto salalawasna Kaitkeun di jero ati Ulah pisan hirup tinggal tiwiwaha Wirangrong Deudeuh teuing nu prihatin Rukmantara keur ka bendon Sedih manahna kalangkung Henteu eureun eureun nangis Angkat sakaparan parankawas anu eukeur gundam. Magatru Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung, Kopo, Ronggo, Cisondari, Cicalengka, Ujungberung Rajamandala, Cimahi, Leles, Limbangan, Tarogong.

Tidak ada komentar: